Khutbah Jum'at (Basa Sunda): Ngajaga Amal


اَلْحَمْدُ لِلَّهِ كَمَا يَنْبَغِى لَهُ . اَشْهَدُ  اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ  اَفْضَلُ مَخْلُوْقَاتِهِ  .  اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَ بَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى ءَالِهِ وَ اَ صْحَابِهِ . اَمَّا بَعْدُ  فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تَقْوَاهُ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ  الرَّجِيْمِ : وَ الْعَصْرِ . اِنَّ الْإِنْسَانَ لَفِيْ خُسْرٍ . إِلَّا الَّذِيْنَ آمَنُوْا وَ عَمِلُوْا الصَّالِحَاتِ وَ تَوَاصَوْا بِالْحَقِّ  لا  وَ تَوَاصَوْا بِالصَّبْرِ

Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah!.

             Sapalihna hukama nyaurkeun :

مَنْ لَمْ يَخْشَ اللهَ لَمْ يَنْجُ مِنْ زِلَّةِ اللِّسَانِ

“Saha jalma nu teu ngarasa sieun ku Allah, maka moal salamet tina tisoledat lisan. 

              Cariosanna moal luput tina seueur ngabohong, mitnah, ngadu-ngadu, ghibah, obrolan pipaseaeun, sareng sajabana sakur ucapan anu ngajadikeun dosa. Obrolan anu teu aya manfaat pikeun dunya, sumawona manfaat akherat.  Kanjeng Nabi SAW. ngadawuh : 

طُوْبَی لِمَنْ مَلَكَ لِسَانَهُ وَ وَسِعَهُ بَيْتُهُ وَ بَكَی عَلَی خَطِيْئَتِهِ 

Hartosna : “ Bagja pikeun jalmi anu mampu ngawasa lisanna jeung imahna ngajembarkeun jeung ceurik tina sabab dosana”.  


            Lisan diriksa tina ucapan nu ngajadikeun dosa, anu teu manfaat. Sabalikna, lisanna teu weleh diangge dzikir  Dzikir dina hartos anu lega, nyaeta disagedengen ngucapkeun lafadz-lafadz dzikir anu ilahar sapertos tasbeh tahmid tahlil takbir shalawat maos qur'an sareng sajabina ti eta, oge sakur cariosan anu leres, sae, sanes bohong, teu ngandung awon sangki, teu kasar garihal. Cariosan anu ngandung nasehat, ngabingahkeun, ngahibur anu nuju prihatin. Sanes cariosan mitnah, nyarioskeun kaawonan batur, sanes cariosan ngahina atanapi ngarendahkeun batur. Cariosan anu henteu ngalahirkeun rasa kasieun, kakeuheul{ujaran kebencian}, permusuhan sareng papaseaan. Mampuna ngajaga lisan nawiskeun bobot kaimanan hiji jalmi ka Allah sareng kana dintenan balesan di akherat. Pidawuh Nabi SAW :

مَنْ كَانَ يُؤْمِنُ بِاللهِ وَ الْيَوْمِ الْآخِرِ فَلْيَقُلْ خَيْرًا اَوْ لِيَصْمُتْ

Hartosna : “ Saha jalmi anu iman ka Allah jeung poe kiayamat, maka manehna kudu nyarita hade atawa jempe “.

Hadirin Rahimakumullah!. 

            Saterasna deui:

وَ مَنْ لَمْ يَكُنْ حَافِظًا عَلَى عَمَلِهِ لَمْ يَنْجُ مِنَ الرِّيَاءِ

Hartosna : “ Saha Jalma anu teu ngajaga amalan-amalanna, maka moal salamet tina riya, pamer ka batur “. Malah hoyong kanyahoan ku batur{ sum`ah}. Riya, sikep kajiwaan anu kedah dipiceun, ditebihkeun. Urang kedah mikasieun kataatan ka Allah kacampuran ku karesep jeung miharep pangalem ti jalmi-jalmi, margi bakal ngarusak amal ibadah oge amal soleh. Pidawuh Kanjeng Nabi SAW:

اِيَّاكُمْ اَنْ تَخْلِطُوْا طَاعَةَ اللهِ بِحُبِّ ثَنَاءِ الْعِبَادِ فَتَحْبَطَ اَعْمَالُكُمْ

Hartosna: “ Kudu sieun aranjeun tina nyampurkeun padamelan taat ka Allah ku resep pamuji manusa, maka amal-amalan aranjeun bakal rusak “. { HR. Ad-Dailamiy}.

وَ مَنْ لَمْ يَنْظُرْ اِلَى مَنْ هُوَ اَفْضَلُ مِنْهُ عِلْمًا وَ عَمَلًا لَمْ يَنْجُ مِنَ الْعُجْبِ

Hartosna : “ Saha Jalma anu teu ningali ka jalma anu lewih punjul dina elmu jeung amalna, maka moal salamet tina ujub{ ngabanggakeun diri ku amalna}”. Tara kersa gaul sareng jalmi-jalmi anu langkung dina elmuna, amal kasaean sareng ibadahna, Ngeunaan ujub, Pidawuh Kanjeng Nabi SAW:  

مَنْ حَمِدَ نَفْسَهُ عَلَی عَمَلٍ صَالِحٍ فَقَدْ ضَلَّ شُكْرُهُ وَ حَبِطَ عَمَلُهَ 

Hartosna: " Saha jalma anu muji dirina sorangan kana amal soleh, maka nyata geus sesat tina syukurna jeung rusak amalna ". {HR. Abu Nu'aim}.

Dana kasauran Mantenna dinu sanesna :

لَيْسَ بِالْخَيْرِ اَنْ يُظْهِرَ الْقَوْلَ بِلِسَانِهِ وَ الْعُجْبُ فِى قَلْبِهِ

Hartosna: " Teu kaasup amal hade, jalma anu nembrakeun ucapan dina lisanna, tapi dina hatena mah ujub ". (HR. Ad-Daruqutni}.

اَلْعُجْبُ لَيُحْبِطُ عَمَلَ سَبْعِيْنَ سَنَةً

" Saenyana ari ujub teh matak ngaruksak amal kahadean 70 taun " {HR. Ad-Dailamiy}.

Jalma anu teu mikasieun kadatanganna madep ka Allah, maka moal salamet hatena tina barang haram jeung syubhat.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَ لَكُمْ وَ لِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَ الْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ


Khutbah Kadua

 اَلْحَمْدُ لِلَّهِ اَهْلِ الْحَمْدِ وَ مُسْتَحِقِّهِ  .  اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَ رَسُوْلُهُ الْقَائِمُ بِفَرَائِضِ اللهِ وَ سُنَّتِهِ  . اَللّهُمَّ فَصَلِّ وَ سَلِّمْ عَلَى سَيّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَ التَّابِعِيْنَ عَلَى مِنْهَاجِهِ وَ سُنَّتِهِ . اَمَّا بَعْدُ  فَيَا عِبَادَ اللهِ  اُوْصِيْكُمْ و َاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ وَطَاعَتِهِ . اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ . رَبَّنَا تَقَبَّلْ مِنَّا اِنَّكَ اَنْتَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ  وَ تُبْ عَلَيْنَا اِنَّكَ اَنْتَ التَّوَّابُ الرَّحِيْمُ . اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ الْعَدْلَ فِيْ الْغَضَبِ وَ الرِّضَا  اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ رِضَاكَ وَالْجَنَّةَ وَنَعُوْذُ بِكَ مِنْ سَخَتِكَ وَالنَّارِ .  رَبَّنَا ءَاتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ  يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ  لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ    


Posting Komentar

Lebih baru Lebih lama

نموذج الاتصال