Khutbah Jum'at (Basa Sunda): Genep Perkara Disumputkeun Dina Genep Perkara

KHUTBAH  KA  I


اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِىْ اَرْسَلَ رَسُوْلَه‘ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَه‘ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُه‘ وَرَسُوْلُه‘صَادِقُ الْوَعْدِ الْأَمِيْنُ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اِمَامِ الْمُتَّقِيْنَ  وَعَلَى آلِهِ وَ اَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ صَلَاةً وَّ سَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ  تُقَاتِهِ وَ لَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ .  اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : وَ الَّذِيْنَ آمَنُوْا وَعَمِلُوْا الصَّالِحَاتِ اُولٰٓئِكَ اَصْحَابُ الْجَـنَّةِ  ج  هُمْ فِيْهَا خَالِدُوْنَ

QS. Al-Baqarah 2: Ayat 82

Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah !.

            Dina Kitab Nashaoihul `Ibad kaca 43 aya kasauran Sohabat Sayyida `Umat bin Khottob r.a.  Anjeunna nyaurkeun: 

اِنَّ اللهَ تَعَالَی كَتَمَ سِتَّةً فِی سِتَّةٍ  كَتَمَ الرِّضَی فِی طَاعَةٍ  

Kahiji: Allah Nyumputkeun karidoan dina hiji kataataan. Hal ieu supados jalmi-jalmi leres-leres dines dina sadaya kataatanna, karana miharep karidoan Allah dina eta amalan, teu nyapirakeun amal sanaos alit kacida, margi tiasa jadi kenging karidoan Allah teh dina anu direken teu sapira mungguh manusa. Sapertos:

اِمَاطَةُ الْاَذَی عَنِ الطَّرِيْقِ

“ Nyinglarkeun gangguan ditengah jalan “ Aya  batu alit ditengah jalan anu upami kageleng ku sapeda atanapi motor mah matak picilakaeun.{ Syu`abul Iman, kaca 3}.  Kadua :

وَ كَتَمَ الْغَضَبَ فِى مَعْصِيَةٍ

“ Nyumputkeun Bendu dina ma'siyat ”,  nyaeta tina pirang-pirang ma'siyat, hal ieu supados manusa nebihan ma'siyat karana sieun tumiba kana eta padamelan dosa, sarta teu diwenangkeun nganggap enteng ma'siyat sanaos katingalna alit kacida, sapertosna wae miceun bangke kutu kana masjid, anu kitu laku teh kalebet haram hukumna, margi saha nu terang bilih bebendu Allah ayana dina eta padamelan dosa alit.  Katilu:

وَ كَتَمَ لَيْلَةَ الْقَدْرِ فِی شَهْرِ رَمَضَانَ 

“ Allah nyumputkeun wengian qodar dina salami ramadlan”. Maksadna supados sadaya jalmi ngeusian salami ramadlan ku pirang-pirang ibadah. Sakumaha katerangan yen ibadah sunat nilai pahalana ibadah fardlu. Nyakitu deui wengianana dina salami ramadlan dilebetan ku amaliah ibadah kalawan harepan tiasa ngaraih kana wengian Qodar jalaran wengian anu istimewa ngabandingan 1000 bulan, nyaeta 83 taun 4 sasih. Ieu oge sapertos Allah ngarahasiakeun saat ijabah doa dina dinten jumaah supados jalmi-jalmi nyeueurkeun ngadoa dina dinten jumaah. {Dzurrotun Nasihin, kaca 273). Kaopat:

وَ كَتَمَ اَوْلِيَاءَهُ فِيْمَا بَيْنَ النَّاسِ

“ Allah nyumputkeun para wali-waliNa diantara jalmi-jalmi”. Hal ieu supados teu ngahinakeun ka saha wae jalmi, justru tapi supados nyuhunkeun berkah sareng doa ti satiap jalmi. Sakumaha pidawuh Kanjeng Nabi SAW :

اِسْتَكْثِرْ مِنَ النَّاسِ مِنْ دُعَاءِ الْخَيْرِ لَكَ فَاِنَّ الْعَبْدَ لَا يَدْرِي عَلَى لِسَانِ مَنْ يُسْتَجَابُ لَهُ اَوْ يُرْحَمُ

Hartosna: “ Kudu seueur ukeun didoakeun ti jalma-jalma pikeun anjeun, margi saenyana saurang hamba teu apal dina lisan saha ayana ijabah doana atawa dipikanyaahna”.

{ Mukhtarul Ahadits, no 162, kaca 21}.

           Kumargi sakitu teu dibenarkeun ngahina saha wae jalmi sanaos katingalna jalmi biasa-biasa, teu katingali kaistimewaan sareng kapunjulanna, karana saha anu terang boa jalmi anu disuhunkeun doana teh kalebet kakasih Allah, jalmi ahli ijabah doa.  Kalima :

وَ كَتَمَ الْمَوْتَ فِى الْعُمْرِ 

“ Nyumputkeun{Rahasiakeun} maot dina sadaya umur. Ieu supaya manusa salamina mempersiapkeun bekel ku amal soleh sareng ngahindar tina padamelan dosa, bisi saat eta mamalikat izrail sumping nyabut nyawa. Kagenep:

وَ كَتَمَ الصَّلَاةَ الْوُسْطَى فِى الصَّلَوَاتِ

“ Allah ngarahasiakeun shalat wusto{ utama } dina sadaya shalat anu lima waktos supaya mu`minin sungguh-sungguh dina ngalaksanakeun sadaya shalatna.


بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ  اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ




KHUTBAH  KA  II

اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ اَمَرَنَا بِالتَّقْوَى لِنَيْلِ رِضَاهَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِيْنُ . وَ اَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَادِقُ الْوَعْدِ الْأَمِيْنُ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اِمَامِ الْمُتَّقِيْنَ  وَعَلَى ءَالِهِ وَ اَصْحَابِهِ اَجْمَعِيْنَ صَلَاةً وَّ سَلَامًا دَائِمَيْنِ مُتَلَازِمَيْنِ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ  .  اَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ   اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ  تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَ اَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ . اَللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَ اْلأَمْوَاتِ . اَللَّهُمَّ اجْعَلْنَا مِنَ التَّوَّابِيْنَ وَ اجْعَلْنَا مِنَ الْمَتَطّهِّرِيْنَ وَ اجْعَلْنَا صَادِقَ الصَّالِحِيْنَ . اَللّهُمَّ اِنَا نَسْئَلُكَ الْعَافِيَةَ وَ دَوَامَ الْعَافِيَةِ وَ الشُّكْرَ عَلَى الْعَافِيَةِ . رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ اِذْ هَدَيْتَنَا وَ هَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً اِنَّكَ اَنْتَ الْوَهَّابُ  رَبَّنَا ءَاتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى اْلءَاخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ  يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ  لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ

Posting Komentar

Lebih baru Lebih lama

نموذج الاتصال