Khutbah Kahiji
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ الَّذِيْ فَضَّلَ بَنِيْ آدَمَ بِالْعِلْمِ وَ الْعَمَلِ عَلَى جَمِيْعِ الْعَالَمِ . أَشْهَدُ أَنْ لَّا إِلَهَ إِلَّا الله وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُـحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ سَيِّدُ وَلَدِ آدَمَ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ الْعَرَبِ وَ الْعَجَمِ وَعَلَى آلِهِ وَ اَصْحَابِهِ يَنَابِيْعِ الْعُلُوْمِ وَ الْحِكَمِ . اَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ الله اُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَاللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ . اَعُوْذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : قَالُوْا سُبْحٰنَكَ لَا عِلْمَ لَنَاۤ اِلَّا مَا عَلَّمْتَنَا ۗ اِنَّكَ اَنْتَ الْعَلِيْمُ الْحَكِيْم – اَلْبَقَرَةُ : 32
{QS. Al-Baqarah , Ayat 32}
Hadirin Ahli Jum`ah, Rahimakumullah!
Diajar teh mibanda kalungguhan anu kacida pentingna dina nangtoskeun kasuksesan siswa. Jalmi anu leres-leres dines pikeun neraskeun diajar nalika aya dina atikan, ngagaduhan kasempetan anu seueur pikeun ngartos sareng nguasai bahan anu diajarkeun. Sanaos kitu, saukur "diajar" dasarna moal cekap upami teu disarengan ku tatakrama ngahormat, ngamulyakeun sareng ngagungkeun kanu janten guru.
Saurang murid teu kenging kabobodo ku ngandelkeun ladang kaulet sareng katekunan dina diajar, dugi ka hilap kana ngahormat {ngamulyakeun} guruna. Ku margi kitu, para ulama ti jaman kapungkur sok ngawurukan ngeunaan peryogina ngamulyakeun guru. Salahsawios seratan anu kacatet ku Imam Burhanuddin Az-Zarnuji, dina salah sahiji karyana nyebatkeun yen saurang murid moal hasil elmu upami henteu ngamulyakeun elmu pangaweruh, jalmi-jalmi berilmu, sareng guru-guruna
اِعْلَمْ بِأَنَّ طَالِبَ الْعِلْمِ لاَ يَنَالُ الْعِلْمَ وَلاَ يَنْتَفِعُ بِهِ اِلَّا بِتَعْظِيْمِ الْعِلْمِ وَأَهْلِهِ وَتَعْظِيْمِ الْأُسْتَاذِ وَتَوْقِيْرِهِ . قِيْلَ مَا وَصَلَ مَنْ وَصَلَ اِلَّا بِالْحُرْمَةِ وَمَا سَقَطَ مَنْ سَقَطَ اِلاَّ بِتَرْكِ الْحُرْمَةِ
Hartosna, " Kanyahokeun ! Satemenna saurang murid moal bisa meunang elmu jeung manpaat elmu iwal ku cara ngagungkeun elmu jeung jalma-jalma anu berilmu, ngagunkeun jeung ngamulyakeu ka guru-guruna. Disebutkeun, “ Moal hasil jalma nu tos berhasil iwal tina sabab ngahormat, jeung moal gagal jalma nu gagal iwal ti karana henteu ngahormat." (Imam az-Zarnuji, Ta'limul Muta'allim fi Thariqit Ta'allum kaca 16).
Ngagungkeun guru teh mangrupi kawajiban satiap murid. Saha-saha jalmi anu kungsi diajar elmu ti jalmi lian, wajib pikeun ngahormat ka eta jalmi. Ngamulyakeun guru mangrupa etika sareng conto ti ulama sateuacanna. Ngamulyakeun guru teh sabagian tina ngamulyakeun elmuna nyalira. Jalmi anu henteu ngamulyakeun guruna, sami sareng henteu ngamulyakeun elmu anu nuju ditekunina. Sing saha anu henteu ngamulyakeun elmuna, moal hasil elmu. Hal ieu luyu sareng piwuruk anu didugikeun ku Syekh Abu Bakar Syatha ad-Dimyathi, dina salah sawios kitabna, Anjeunna nyaurkeun:
كُنْ مُوَقِّرًا لِمُعَلِّمِكَ مُعَظِّمًا لَهُ، فَاِنَّ تَعْظِيْمَهُ مِنْ تَعْظِيْمِ الْعِلْمِ. وَلاَ يَنَالُ الْعِلْمَ اِلاَّ بِتَعْظِيْمِهِ وَتَعْظِيْمِ أَهْلِهِ غَيْرَ مَجَادِلٍ لَهُ
Hartosna, " Anjeun kudu jadi jalma anu ngamulyakeun jeung ngagungkeun ka guru anjeun. Sabab satemenna, ngamulyakeun manehna teh sabagian tina ngamulyakeun elmu. Anjeun moal meunang elmu kajaba ku ngamulyakeun elmu jeung ngamulyakeun jalma anu boga elmu, henteu maseaan ka ahli elmu. (Syeikh Syatha, Kifayatul Atqiya wa Minhajul Ashfiya, kaca 84).
Hadirin, Rahimakumullah !.
Amanat sareng nasehat ti para ulama di luhur mangrupi cara anu kedah diconto ku sadayana nalika ngamaksad hoyong ngengingkeun elmu sareng kaberkahan anu aya di lebetna. Ku ngagungkeun{Ta`zhim} ka guruna, sanes bae sakadar kenging elmu, tapi oge bakal kenging barokah sareng manpaat. Sabalikna, jalmi anu henteu ngahormat guruna bakal sesah ngengingkeun elmu sareng barokah. Eta pentingna murid ngamulyakeun guru. Ngamulyakeun sareng ngahormat guru mangrupikeun salah sahiji jalan pikeun suksesna satiap murid dina milari elmu.
Anapon ari bahaya bahaya nyapirakeun guru, Kanjeng Nabi SAW ngadawuh:
مَنِ اسْتَخَفَّ بِاُسْتَاذِهِ اِبْتَلَاهُ اللهُ بِثَلَاثَةِ اَشْيَاءَ نَسِيَ مَا حَفِظَ وَ كَلَّ لِسَانَهُ وَ افْتَقَرَ فِیْ آخِرِهِ
Hartosna: " Sing saha anu ngaremehkeun guruna, maka Allah bakal nimpakeun ka manehna ku tilu perkara: manehna bakal poho kana naon-naon anu diapalkeunana, lisanna bakal lemah{tumpul dina nyampaikeun elmu}, jeung jadi miskin dina akhirna ". (Kifayatul Atqiya, halaman 84).
Sahebat-hebatna saurang murid teu kenging nganggap rendah, atanapi jadi ngirangan rasa hormat sareng ta`zhim kanu janten guruna, margi tiasa jadi sabab elmuna ngirangan atanapi malih teu aya manfaatna.
Muga-muga urang sadaya ku Gusti Allah salamina dipasihan hidayah sareng taopekna, kalebet murid-murid anu mampu ngamulyakeun kanu janten guru, malah mandar ngamilik elmu anu manfaat di dunya sareng akherat. Aamiin !.
بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ وَلِجَمِيْعِ الْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ . اَشْهَدُ اَنْ لَّا اِلَهَ اِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ وَ اَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى اِلَى اَشْرَفِ الْخِصَالِ . اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّ عَلَى ءَالِهِ وَاَصْحَابِهِ ذَوِى الْعُلُوْمِ وَ اْلإِفْضَالِ . اَمَّا بَعْدُ : فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ فِي جَمِيْعِ الشُّئُوْنِ وَ اْلأَحْوَالِ . اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَات وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ اَلْأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ اِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ . اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ عِلْمًا نَّافِعًا وَ رِزْقًا وَّاسِعًا وَ حَلَالًا طَيِّبًا وَ عَمَلًا مُتَقَبَّلًا . اَللَّهُمَّ اِنَّا نَسْئَلُكَ رِضَاكَ وَ الْجَنَّةَ وَ نَعُوْذُ بِكَ مِنْ سَخَطِكَ وَ النَّارِ . رَبَّنَا ءَاتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَّ فِى الْآخِرَةِ حَسَنَةً وَّ قِنَا عَذَابَ النَارِ وَ اَدْخِلْنَا الْجَنَّةَ مَعَ الْأَبْرَارِ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَاحِمِيْنَ وَالْحَمْدُ لِلَّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ